Seni tari
Seni Tari, Igel nyaéta ékspresi jiwa nu diébréhkeun ku wangun-wangun gerak ritmis nu éndah.[1] Seni tari mangrupa gerakan nu éndah sarta boga wirahma nu boga dua unsur penting nyaéta gerak jeung wirahma.[1] Gerak nyaéta gejala primér sarta wangun nu spontan dina kahayang jiwa. Sedengkeun wirahama nyaéta sora nu kaatur nu milu gerak kasebut.[1]
Macem atawa Sipat Seni Tari
[édit | édit sumber]Seni tari digolongkeun jadi opat golongan, nyaéta[2]:
- Tarian primitif atawa tari rahayat, nyaéta tarian nu basajan jeung spontanitas sarta gerak jeung wirahma nu euweuh aturanana.
- Tari Klasik, nyaéta jenis tarian nu kuat aturanana jeung hukumna, wujudanana abstrak sarta miboga falsafah nu jero.
- Tarian Modern, nyaéta jenis tarian nu leupas, bébas tina aturan jeung sagala macem tradisi tari salaku wangun inovasi jeung éksprési anu bêbas.
- Tarian Kontémporér, nyaéta jenis tari nu lepas tina aturan jeung tradisi tari.
Ragem Tari Mancanegara
[édit | édit sumber]Asia
[édit | édit sumber]Tari nu mekar di India jeung sababaraha nagara Asia nu séjéna nyaéta Tari Odissi.[1] Tari ieu kabagi jadi sababaraha bagéan jeung biasana dilakukeun ku awéwé di pelataran kuil.[1] Samentara éta di Mongolia aya tari Bielgee (tari awak). Tari ieu kawas pantomim, Nu ngigelna mintonkeun adegan sapopoé nu ngumbara, saperti merah sapi, masak, sarta moro.[1] Di wilayah Jepang diwanoh féstival O-bon waktu masarakatna Jepang méré hormat ka karuhun nu geus maot.[1] Sedengkeun di Korea loba pisan ragem tarian, sabagéan gedéna mangrupa gerak ngadalikeun awak bagéan luhur.[1] Nu ngigel biasana awéwé jeung biasana maké han bok (pakéan tradisi Koréa) sarta mak karémbong di leungeunna, Salah sahiji tarian Koréa nu kasohor nyaéta Tari Kipas.[1]
Tari ieu sipatna sosial jeung mibanda ajén seni anu basajan.[3] Tari tradisional biasana dipirig ku pakakas musik nu tradisional saperti kendang, suling, jsb. Conto tarina nyaéta Minuét ti Prancis, Waltz ti Jerman, Mazurka ti Polandia, jeung tari hujan ti Amerika Serikat.[3]
Balét nyaéta ragem tari nu lahir di Prancis di jaman Raja Louis XVI, anu terus mekar ampir di sakumna dunya.[2] Balét atau ba'la asalna ti basa Italy (ballaré) nu hartina ngigel téa. Balét nyaéta tarian ku tradisi, téhnik, jeung wangun gerakan nu boga ciri mandiri, jeung béda jeung wangun gerakan téater séjéna.[2]
Dansa kagolong tari nu pasangan atawa jumplukan.[2] Nepi abad ka-19 dansa diragakeun sacara jumplukan, saterusna lahir wangun dansa/tari waltz salaku tari nu pasangan nu dilakukeun ku dua urang (awéwé jeung lalaki).[2] Dansa aya dua macem, di antarana dansa rohangan pésta jeung dansa modérn.[2]
Salsa nyaéta salah sahiji tarian Latin nu jadi inspirasi tarian di dunya.[3] Tari Salsa dipirig ku musik Salsa nu asalna ti Son Kuba.[3] Musik Saslsa mangrupa gabungan antara musik tradisional Afrika, Kuba, sarta wirahma Amérika Latin.
Tari tap dicokot tina sora ketukan atawa gentakan nu asalna tina piringan logam leutik nu ayana dina sapatu nu nari dina luhur lanté nu tarik.[3]
Tari Kontemporer nyaéta hiji tarian nu mekar di jaman kiwari, gerakan-gerakanna diciptakeun ku seléra jaman kiwari.[3] Contona gerakan nu ngaliuk-liuk bagéan tutuwuhan nu katiup angin, salaku gambaran kahirupan manusa jaman kiwari nu keur kauji ku masalah hirup sarta ékonomi.[3]
Daptar Tari Nusantara
[édit | édit sumber]Tari Saman biasana dimimitian kalayan salam bubuka ti syékh (pemuka adat atawa lulugu ti tari Saman). Saterusna, ditepikeun naséhat-naséhat ngeunaan ngajalankeun kahirupan di dunya. Tarian ieu dipigawé saeutikna ku dalapan urang. Sakapeung, dipigawé ku 17 jelema.[5]
- Sumatera Utara: Tari Tor-Tor
- Sumatera Barat: Tari Piring
- Jambi: Tari Sekapur Sirih
- Bengkulu: Tari Andun
- Riau: Tari Joget Lambak
- Sumatera Selatan: Tari Gending Sriwijaya
- Bangka Belitung: Tari Putri Bekhusek
- Lampung: Tari Jangget
- Banten: Tari Topeng
- DKI Jakarta: Tari Ronggeng
- Jawa Barat: Tari Jaipong
Jaipong nyaéta seni tari nu gelar dina kréativitas saurang seniman asal Bandung, Gugum Gumbira.[1] Karya jaipongan nu mimiti dipikawanoh ku masarakat nyaéta tari "Daun Pulus Keser Bojong jeung Rendéng Bojong".[1] Duanana mangrupa ragem tari wanoja jeung tari pasangan (lalaki jeung awéwé).[1]
- Jawa Tengah: Tari Gandrung
- Yogyakarta: Tari Serimpi
- Jawa Timur: Tari Remong
- Nusa Tenggara Barat: Tari Mpaa Lengo
- Nusa Tenggara Timur: Tari Perang
- Kalimantan Barat: Tari Monong
- Kalimantan Tengah: Tari Tambun dan Tari Bungai
- Kalimantan Selatan: Tari Baksa Kembang
- Kalimantan Timur: Tari Gong
- Gorontalo: Tari Paule Cinde
- Sulawesi Utara: Tari Polo-Palo
- Sulaweai Tengah: Tari Paule Cinde
- Sulawesi Tenggara: Tari Balumpa
- Sulawesi Selatan: Tari Kipas
- Sulawesi Barat: Tari Kipas
- Maluku: Tari Lenso
- Maluku Utara: Tari Lenso
- Irian Jaya Barat: Tari Perang
- Papua: Tari Selamat Datang
Rujukan
[édit | édit sumber]- ↑ a b c d e f g h i j k l (id)Neo Quantum. .Seni Budaya IX .Suara Media Sejahtera HAL. 35
- ↑ a b c d e f (id)Dra. Elok Mufidah.Seni Budaya .CV Arya Duta Hal 40
- ↑ a b c d e f g h i j k l m (id)Maulana, Lawuningrum, Nurus. Seni Budaya IX .Suara Media Sejahtera HAL. 35
- ↑ (id)Lintas Media. Atlas Propinsi Inonesia-Dunia. Lintas Media Jombang Hal. 7
- ↑ (id)Tari Saman Archived 2011-03-20 di Wayback Machine (Diakses tanggal 23 September 2011)